babasab jeung paribasa

abdi nyaah pisan ka urang sunda teu bisa basa sunda anu sae muga muga ku ayana blog ieu urang sunda bisa basa sunda anu sae.
ka para rumajana ge ulah isin ku basa sunda basa sunda teh basa anu sae nu di pake ku urang sunda

Minggu, 06 Februari 2011

A

Abang-abang lambe
beureum biwirna wungkul, caritaan nu ngan saukur keur ngenahkeun hate nu sejen

Abis bulan, abis uang
beak bulan,duit gajih oge beak deuih

Abong biwir teu di wengku, abong letah teu tulangan
jelema nu ngomongna sakarep-karep, ngomong teu reujeung wiwaha

Adep hidep
kumawula (ka salaki)

Adil paramarta
kacida adilna
 
ahli leleb
tukang baranghakan

Ajak jawa
tawar gatra, ngjak tamba teu hade

Akal bulus
akal jahat, akal licik

Akal kaling atawa akal koja
akal licik sarua jeung akal bulus

Aku-aku angga
ngaku-ngaku atawa mibogabarang batur

Along along bagja
teu tulus meunang bagja

Ambek nyedek tanaga midek
kacida ambekna tapi teu bisa ngalawan lantaran moal pikuateun

Ambekna sakulit bawang
babari ambekan

Amis budi
alus budi parangi, kana nyarita dibarung ku seuri

Amis daging
gampang katerap kasakit kulit, tur hese cageurna deui, mun raheut saeutik oge sok jadi radang

Anak hiji keur gumelis
awewe nu karek boga anak hiji, katenjona teh sok beukigeulis bae,komo nu bisa ngurus awak mah

Anak dua keur gumanda
awewe nu karek boga anak dua, keur meujeuhna tegep, pikabogoheun

Anak tilu keur kumusut 
awewe nu boga anak tilu, katenjona sok karusut, komo nu teu bisa ngurus awak mah

Anggeus-anggeusan
bebeakan

Apal cangkem
apal tapi teu nyaho hartina

Asa bucat bisul
ngarasa lugina sanggeus ngarengsekeun pagawean anu beurat atawa sanggeus lesot tina kasusah

Asa di jual payu
padaninggalkeun di panyabaan atawa di pangumbaran

Asa dina pangimpian
parasaan keur ngimpi bawaning heok, padahal keur nyaring

Asa di pupuk birus
ngarasa tibra hate

Asa di tonjok congcot
ngarasa atoh dumeh meunang rejeki atawa pikabungaheun anu teu di sangka-sangka

Asa kagunturan madu kaurugan menyan bodas
kacida bungahna jeung kacida bagjana

Asa katumbu umur
ngarasa atoh ditulungan dina keur aya kasusah

Asa nyanghulu ka jarian
teu ngeunah rasa, lantaran kudu ngadunungan ka jalma nu sahandapeun pangartina atawa harkat darajatna

Asa kiamat
pohara sedihna jeung susah uar biasa

Asa peugas rancatan
leungiteun batur nu nalang dina pagawean

Asa pingges leungeun katuhu
leungiteun batur nunalang dina pagawean

Asa rawing daun ceuli
mindeng ngadenge omongan nu teu ngeunah

Atah adol
urang ajar, kurangpangawarah, teu nyaho dina kasopanan

Atah anjang
arang nganjang

Atah warah
sarua hartina jeung atah adol

Ateul biwir
geus hayang pok ngedalkeun kakeuheul atawa nyarekan

Atung eneh atung eneh ae
kitu-kitu keneh bae

Awak kawas badawang
jangkung gede teu matut

Awak sabeulah
randa nu hirup imah-imah sorangan

Awak sampayan
jangkung leutik atawa lenjang atawa janjing pantes make baju

Awet rajet
nu laki rabi. lana tapi rea pacengkadan mondeng pasea

Awewe dulang tinande
awewe mah biasana kumaha kahayang lalaki

Tidak ada komentar:

Posting Komentar