babasab jeung paribasa

abdi nyaah pisan ka urang sunda teu bisa basa sunda anu sae muga muga ku ayana blog ieu urang sunda bisa basa sunda anu sae.
ka para rumajana ge ulah isin ku basa sunda basa sunda teh basa anu sae nu di pake ku urang sunda

Jumat, 04 Maret 2011

mikaweruh babasan

  Babasan teh kaasup kana basa pakeman. ari nu di maksud babasan nyaeta ucapan matok nu geus puguh entep seureuhna nu di pake dina harti injeumanana. jadi lain harti sajalantrahna.eusina mangrupa babandingaan sifatna hiji barang atawa kaayaan sarta geus ngawangun hiji kecap. contona: gede hulu, panjang leungeun, heurin ku letah jeung kuru cileuh kentel peujit.
  Ku lantaran mangrupa basa pakeman tea, tangtu we babasan teh teu bisa di robah, boh ungkarana boh kekecapana. upama di tambah, di kurangan, atawa di lemeskeun, sifatna bisa jadi robah jeung hartina oge bisa jadi robah deui. geus puguh ari camplang mah. upama baebabasan gede hulu di lemeskeun jadi ageung mastaka, atawa dirarangkenan jadi ngadedean huluna. jelas karasana camplang jeung hartina bisa jadi robah deui.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar